Friday, May 15, 2009

KATUMBIRI NU KAPATRI

Sakapeung sok ngarongheap kingkilaban ti belah wetan
sok sanajan ka gandrung nungturun unggah ka pangkonan
salin jinis jadi katresnan nu mangkak ligar
someah darehdeh pinuh kaheman
sugrining ati muka lalangse kapeurih
peurah nu geus nahun nyangkaruk, liur jadi cinyusu
sugan - jeung sugan isuk jaganing geto ngawujud madu
di sipuh ku kalimah " LAA ILAHA ILALLOH".
eces jentre galindeng halimpu minuhan qolbu
sigana ieu panglipur sagala bangbaluh
mangkaning geus heubeul ta kapuluk teu katimu
na rek bengras tetempoan kahareupeun ?
anging "Lahaola" nu jadi tamba dareuda
ngan muga - muga dina do'a nu jadi wirahma
manusa ngarana ge ngan ukur boga kahayang
nu can tangtu tinekanan
anging kadaring nu maha heman.

Kingkilaban ka sorenakeun masih can suda
sok aya ngrongheap ka tempo ku juru mata
siga inggis rek wekasan tapi isin mun seug heman
bral...we geura miang da kuring mah moal ringrang
geus ka tinggal katumbiri di antara bulaona langit
endah tur genah
linduh iuh
senang jeung gumbira
karasana...

Kingkilaban beuki ngaleutikan
sugan we katumbiri teu di ajak mulang.

Ananda Baleendah, 13 Mei 2009

No comments:

Post a Comment

Jangan Cuma Baca Komentar Dikit Juga Gak apa-apa...