“Jeung Kami lungsurkeun beusi, dina éta téh aya kakuatan rongkah jeung rupa-rupa mangpaat pikeun manusa.”
(Al-Qur’an, Surah Al-Hadid 25)
AYEUNA urang nyawala ngeunaan logam. Duka naon kecap asli Sunda atawa
Malayu pikeun nyebutkeun logam téh, boa-boa teu aya, da kecap “logam”
mah dicandak ku karuhun urang tina basa Arab, lugham, nu kecap dasarna,
laghama (“ngali”), sabab sakabéh logam téh meunang ngali tina jero bumi.
Tah, aya hiji Surah dina Al-Qur’an nu nganggo nami logam, nyaéta Surah
Al-Hadid, hartina “beusi”. Nu matak luyu pisan masigit dina kompléks
Krakatau Steel di Cilegon (Banten) dingaranan Masjid Al-Hadid.
Dina Surah Al-Hadid ayat 25, Allah ngadawuh: wa anzalnaa l-hadiid.
Sanajan kecap anzal téh hartina “ngalungsurkeun”, réréana jurutapsir
Al-Qur’an rada hésé narjamahkeun anzal dina ieu ayat. Ari margina, nu
seueur disebatkan ku Gusti nganggo kecap anzal mah biasana “cai” (anzalnaa l-maa’) atanapi “kitab” (anzalnaa l-kitaab).
Tah, ayeuna beusi. Lamun ditarjamahkeun “Jeung Kami lungsurkeun beusi”,
kumaha nétélakeunana beusi lungsur téh. Asa tacan mendak aya beusi
ragrag ti luhur. Apan beusi téh hasil kokoréh manusa tina jero taneuh.
Abdullah Yusuf Ali, dina tapsirna The Holy Qur’an, narjamahkeunana “And We sent down iron”, bari aya catetan suku: sent down, in the sense of revealed to man the use of certain things. Jadi,
ceuk Yusuf Ali, nu dilungsurkeun téh lain beusina tapi kagunaanana. Ari
tarjamahan Qur’an ti Departemén Agama Républik Indonésia unina kieu: “Dan Kami ciptakan besi”. Teu wani narjamahkeun jeung kalimah nu bener: “Dan Kami turunkan besi”.
Dawuhan Allah ngeunaan beusi nu diwahyukeun dina abad ka-7 kakara
kaguar hartina ku para élmuwan dina abad ka-20! Kakara ayeuna para
élmuwan nyaraho yén beusi di bumi horéng mémang lungsur ti langit, sabab
beusi téh diyugakeunana baheula dina béntang-béntang ngalangkungan
prosés nukléosintésis. Basa éta béntang-béntang paéh (carem) ku sabab
geus béak bahan bakar hidrogén, éta beusi (tur unsur-unsur nu séjén)
diawurkeun ka rohang angkasa.
Tatasurya
urang, kaasup planét Bumi, diwangun tina awan gas tur partikel lebu
sésa-sésa béntang nu jadi raket ku sabab rotasi. Unsur panglobana nu
ngeusi ieu bumi nyaéta beusi nu lungsur ti langit! Nu mawi disebatkeun
husus ku Gusti Anu Maha Suci. Bumi urang nu beuratna 6 x 1021 ton
kawangun ku 35% beusi (Fe), 26% oksigén (O), 13% silikon (Si), 10%
magnésieum (Mg), 4% nikel (Ni), tur sésana unsur-unsur nu séjén.
Naon fungsina beusi di puseur bumi? Hal ieu ditétélakeun ku Gusti dina kalimah salajengna, Al-Hadid 25 kénéh: fiihi ba’sun syadiid
(“dina éta téh aya kakuatan rongkah”). Beusi di puseur bumi téh
nimbulkeun kakuatan rongkah mangrupa médan magnét jeung kenyangan
gravitasi. Apan urang nyaksian kumaha “satia”na jarum magnét nunjuk ka
kalér jeung ka kidul, teu bisa dipungkal-péngkolkeun. Ku sabab kenyangan
gravitasi nu pas pisan gedéna, nyaéta 9,78 m/s2 dina beungeut bumi,
urang bisa leumpang kalawan salsé. Kacipta lamun kadar beusi di puseur
bumi saeutik, manusa lulumpatan jiga bangkong!
Kalimah salajengna dina Al-Hadid 25: wa manaafi`u li n-naas (“jeung
rupa-rupa mangpaat pikeun manusa”). Mangpaat nu kudu disebutkeun
pangheulana nyaéta beusi téh salah sahiji unsur nu ngawangun hémoglobin,
protéin dina getih nu fungsina nyimpai oksigén nu diseuseup ku urang
tina wiati (atmosfér). Basa oksigén asup ka bayah urang, éta oksigén
geuwat ditéwak ku beusi nu aya dina hémoglobin, tuluy diwalatrakeun ku
getih ka sakabéh sél-sél dina waruga urang pikeun métabolismeu. Tétéla
pisan, geuningan ku sabab beusi urang ditangtayungan terus hirup ku
Gusti téh!
Lamun dina waruga ion beusi (Fe2+) ukur saeutik, tangtu baé saeutik
ogé hémoglobin nu nyampak dina getih, atuh transpor oksigén dina waruga
bakal kaganggu. Ieu nu ngaranna iron-deficiency anemia atawa panyawat
“kurang darah” téa. Nu matak urang kudu sering ngadahar daun sampeu
atawa bayem nu beunghar kana ion beusi.
Mangpaat beusi dina kahirupan balaréa geus dipikamafhum ku urang.
Beusi téh logam nu pangpunjulna dina sajarah umat manusa, wangkid ti
jaman peradaban Mésopotamia purba tepi ka jaman modéren. Taya logam
séjén nu jumlah pamakéanana ngaleuwihan beusi. Komo dina abad sains
jeung téknologi ayeuna, beusi téh bahan pikeun gedong (sakumaha luhurna
gé), jambatan, kandaraan, pakarang, alat tatanén, pipa saluran cai, tur
sagala rupa jinis mesin. Nu matak jumlah total produksi beusi di
sakuliah dunya dina sataunna leuwih ti hiji miliar ton!
Aya deui nu jadi matak panasaran lamun teu dibéjakeun di dieu. Nalika
Surah-Surah dina Al-Qur’an disusun ku Kangjeng Nabi Muhammad SAW,
Malaékat Jibril miwarang Jungjunan urang supados anjeunna nempatkeun
Surah Al-Hadid pas mangrupa Surah tengah-tengah, nyaéta Surah ka-57 tina
114 Surah!
Kakara ayeuna para élmuwan terangeun yen beusi téh mémang unsur
tengah-tengah geuningan. Sakumaha geus dibahas di luhur, bagian tengah
(puseur) bumi urang diwangun ku beusi. Tuluy basa unsur-unsur kimia
disusun dina sistim periodik, beusi téh ayana di baris tengah (periodeu
kaopat tina tujuh periodeu). Dina réngréngan unsur-unsur transisi
periodeu kaopat gé, horéng beusi nganjrek di tengah-tengah.
Tuluy, lamun urang ngitung kecap “Allah” ti ayat munggaran Surah
Al-Hadid tepi ka ayat 25 (nu aya kecap “hadid”), horéng kecap “Allah”
téh muncul 26 kali, luyu pisan jeung nomer atom beusi (jumlah proton
dina inti atom beusi). Subhanallah! Paingan Allah ngadawuh: “Saéstuna nu
sieun ka Allah ti antara abdi-abdiNa ngan jalma-jalma nu baroga élmu.”
(Surah Fathir 28).
Tah, sadaya data jeung fakta dina ieu artikel téh salah sahiji bukti
yén ayat-ayat Kauni luyu pisan sareng ayat-ayat Qur’ani. Boh ayat Kauni
boh Qur’ani duanana mangrupa aturan ti Gusti Nu Murbéng Alam. Leres
pisan dawuhan Allah: “Rék Kami témbongkeun ka maranéhna
ayat-ayat Kami di sakuliah jagat jeung dina diri maranéhna sorangan,
nepi ka tétéla pikeun maranéhna yén éta Qur’an téh leres (haqq).” (Surah Fushshilat 53).***
No comments:
Post a Comment
Jangan Cuma Baca Komentar Dikit Juga Gak apa-apa...