Ku : Ust.Djono Abdulrrahman
Nu disebat kalimah taudz teh nya eta kalimah anu diparentahkeun ku Allah SWT sangkan diaos ku sing saha anu bade ngaos Al Qur’an, sanaos mung saayat. Eta parentah kaunggel dina surat An Nahl ayat 98 : Fasidzaa qoro’tal qur’aana fasta’idz billai minasysyaithoonirojiim. Hartosna dimana anjeun rek maca Qur’an, mangka anjeun kudu nyuhunkeun panyalindungan ka ALLOH tina panggoda syetan nu dilaknat (dipecat tina rokhmat). Kalimah Taudz the aya dua rupi; Kalimah anu ka hiji , numutkeun hadits riwayat Imam Ahmad sareng Imam Turmudzi, diriwayatkeun ku Imam Abu Daud sareng Imam Nasya’I nu pihartoseunanana : Katampi ti sahabat Abu Syaid al Hudri , ti Kangjeng Nabi Muhammad SAW saestuna anjeun (kj Nabi) sapertos biasa dina sholat sok ngaos doa Iftitah, lajeng Auuzdu billahi sami’il allimi minassysyaithoo nirrojimi min hamdziyi wa nafhihi wa nafsihi, “abdi sumalindung ka gusti Allah nu maha nyandangan, maha uninga tina gogoda syetan nu la’nat (dipecat tina rokhmat), tina fitnahna, tina kagumedeanana sareng tina kakuatan sihirna.”
Kalimah taudz nu kadua nyaeta kalimah sakumaha anus ok diaos ku urang
sadayana. Kateranganana numutkeun hadits anu diriwayatkeun ku Imam
Mundzir, pihartoseunana : Imam Ibnu Mundzir parantos nyarios : aya
katerangan ti kangjeng Nabi Saws dina sateuacana ngaos Al qur’an sok
ngaosheula Auuzdu billahi minasyaitoonirrijim, abdi nyalindung ka Gusti
Allah tina panggoda syetan nu dila’at (dipecat tina rohmat). Tina
kalimah taudz nu dua rupi tadi, numutkeun pamendak Imam Syafi’I sareng
Imam Abu Hanif, nu pangutamana nyaeta taudz anu kadua, margi luu sareng
pidawuh Allah dina surat An Nahl ayat 98 tea. Namung numutkeun Imam
Ahmad Idnu Hambali, kalimah taudz nu utami nyaeta kalimah nu ha hiji ,
margi supados ngempelkeun nu kaunggel dina surat An Nahl ayat 98 sareng
surat Al Araaf ayat 200 , oge ku ayana hadist nu katampi ti Abi Syaid Al
Hudri tea. Kanggo urang sadayana, dina leresan mayunan kalimah taudz nu
dua rupi, duanana oge tiasa dianggo , boh bade nghaos Al Qur’an atanapi
dina lebet sholat , margi duanana dicontoan ku kangjeng Nabi Saw.
Hukum Ngaos Taudz
Dina nangtoskeun hukum ngaos taudz, pamadegan para ulama henteu sami.
Numutkeun Imam Hasan Basri, Imam Atha Ibnu Abirobah sareng Syeh Ibrahim
; netepkeun yen ngaos taudz teh hukumna WAJIB dina unggal ngaos Al
Qur’an atanapi dina sholat (sabada do’a iftitah) Nu janten dasarna,
pidawuh Allah dina surat An Nahl eta parentah wajib, bade ngaos Qur’a,
atanapi sholat. Namung upami numutkeun jumhur ulama, maos taudz teh
hukumna sunnat, dina sholat oge sunatna mung sakali nyaeta dina rakaat
ka hiji. Nu janten dasarna, hadits nabi nu diriwayatkeun ku Imam
Bukhori, nu hartosna ; katampi ti Abu Huraerah r.a waktos kangjeng Nabi
lebet ka masjid, jol hiji pameget nuturkeun. Eta pameget teh sholat.
Sarengsena teras ngadeuheus ka Kangjeng Nabi ngahaturkeun salam. Salamna
ku Kangjeng Nabi diwaler, teras ngadawuh : Anjeun kudu sholat deui,
kumargi saestuna anjeun acan sholat. Teras eta pameget the sholat deui.
Sarengsena sholat teras ngadeuheus deui. Ku Kangjeng Nabi dipiwarang
sholat deui. Kitu jeung kitu dugi ka tilu kali. Rengse sholat ka tilu
kalina teras ngadeuheus bari nyarios; Ya Rasullulah, demi dzat anu
parantos ngutus ka anjeun kalayan agama nu haq, sim abdi teu tiasa
sholat ti anu parantos dipidamel bieu, kumargi kitu mugi salira rido
galih keresa ngajar sim abdi, naha kedah kumaha atuh sholat nu leres teh
? Kangjeng Nabi ngadawuh : dimana anjeun bade ngadeg sholat, anjeun
kedah takbir, teras aos naon bae anu apal tina Qur,an (maksadna Al
fatihah), teras anjeun kedah ruku dugi ka tumaninah dina ruku. Teras
cengkat dugi ka ajeg ngadeg, teras sujud dugi ka tumaninah dina sujud,
teras cengkat dugi ka tumaninah dina ajeg, teras sujud deui dugi ka
tumaninah dina sujud, teras calik dugi ka tumaninah dina calik. Tah naon
-naon anu ku kami diajarkeun ka anjeun, anggo dina unggal sholat
saterasna. Dina naon-naon anu diparentah ku Kangjeng Nabi ka eta
pameget, sadayana mung wungkul anu wajib dilaksanakeun dina sholat,
TAUDZ mah teu kasebat-sebat. Eta margina para ulama jumhur netepkeun
taudz teh hukumna sunat.
Mangfaat Ngaos Taudz
Kanggo urang, taudz teh teu kinten ageung mangfaatna, sae pisan upami
urang sering ngaos taudz dina hirup sadidinten. Margi gusti Allah SWT
ngajarkeun taudz ka urang sadayana, teu aya sanes maparin benteng
panggoda syetan, nu dina hirup sariring dumadi sarengkak paripolah
teras-terasan ngagoda bade nyasarkeun sangkan urang mengpar tina jalan
lempeng nu dipirido ku Allaoh Swt. Buktos anu teu tiasa ditolak, kumaha
nyasarkeunana syetan ka manusa Kangjeng Nabi Adam a.s sareng Siti Hawa r
a dilungsurkeun ti surga ka dunya, cukang lantaranana akibat kagoda
sareng nurut kana panggoda syetan.
Upami Kangjeng Nabi Adam As sareng Siti Hawa r a tiasa kagoda ku
syeta, atuh urang mah kantenan bakal kagodana teh jelas pisan , upami
teu iatna, taliti ati-ati tur taki-taki dina nebihan tur merangan
pangajak syetan. Syetan (iblis) geus sumpah di payuneun Allah SWT yen
manehna rek ngagoda/nyasarkeun ka manusa di alam dunya sakumaha anu
kaunggel dina Al Qur’an (tingali serat Al Hijr : 39-40) anu
pihartoseunana : Iblis/syetan ngomong kieu ka Gusti Allah : Abdi sumpah
rek mapaesan kajahatan maranehna (manusa) supaya maranehna boga rasa
alus-asa bener, asa reueus-dina milampah kajahatan di bumi. Sareng abdi
rek satekah polah nyasarkeun maranehanana , anging abdi-abdi Gusti nu
ariklas.
Ku ayana sumpah syetan, Gusti Alloh ngersakeun kalayan karunia-Na,
manusa diwuruk kalimah taudz. Upami kalimah taudz diaos kalawan hate nu
khusu, khudu sareng tawadhu kantenan upami disarengan kaiklasan,
satemenna syetan bakal kabur ngajauhan , margi syetan moal mampuheun
ngagoda jalmi nu leres-leres ikhlas dina ibadahna. Kanggo jalmi nu
hoyong kengeng pangraksa Allah tina kajahatan syetan, sartas
disalametkeun tur dipaparin kabagjaan, teu kinten peryogina mibanda hate
nu ikhlas. Dina leresan ieu, Imam Gozali ngadawuh ” Saleresna ari
manusa teh sadayana bakal cilaka, kajabi nu gaduh elmu. Nu gaduh elmu
oge bakal cilaka, kajabi ngamalkeun elmuna. Nu ngamalkeun elmu oge bakal
cilaka kajabi nu ngamalkeunana bari ikhlas.”
Naon Ari Syetan
Syetan teh ngagoda ka manusa teu kinten rongkahna, ti payuneun, ti
penngker, ti gedengeun, ti luhureun, ti handapeun (tingali Serat Al
Araaf 16,17) sareng teu pilih bulu : di kiyai ngahiji, ka ajengan
datang, ka pajabat nu pangkat, tara kaliwat, ka masarakat sumawonna. Di
ibu-ibu matuh, di bapa-bapa tara pisah. Nu pangsesahna kanggo manusa,
eta ku teu apal, sesah nyirikeunana, nu kumaha sareng naon ari syetan
teh ? Gusti Alloh parantos ngadawuh dina Al Qur’an (tingal serat Al
An’nam 112) pihartoseunana ” …… sarta pikeun saban-saban Nabi kami
nyadiakeun pimusuheunana, nyaeta syetan ti antara manusa jeung
jin,…..(sareng saterasna). Kapendak deui dina surat An Naas ayat 5,6;
“Alladzi yuwaswisu fii suduu rinnaas, minal jinnati wannas” Nyaeta
anusok ngawas-waskeun hate manusa ti golongan jin jeung manusa.
Kagumedean/kasombongan syetan/iblis (nu sok seseleket jeung meuting dina
hate manusa) kapendak dina surat Al Kahfi ayat 50 : wa idzqul na lil
malaaikattisjudu li adama fasajaduu illa iblis,kana minal jinni fafasaqo
an amri sabbihi, hartosna : “jeung basa kami (Allah) marentah para
malaikat kudu sujud, kajaba iblis nyaeta ti golongan jin nu fasek, nu
mungpang kana parentah Pangeran” upami kitu nu disebat syetan teh isim,
tegesna nami,tina sarupaning jin sareng manusa (nu takabur, reksak ahlak
budiparangina, teu nurut kana parentah Pangeran) janten kacindekanana
syetan teh tiasa dua rupi : nu jolna ti bangsa jin – ngarobeda hate
manusa, ngagerenteskeun ati kana hal anu awon nu papalingpang tina
aturan agama ; nu jolna ti bangsa manusa nu laku lampahna tebih tina
papagon agama, hartosna tos dikawasa ku syetan, teras ngajak kanu sanes
sangkan milampah jahat. Mangka eta manusa teh tos sanes dirina deui,
tapi syetan nu malih warni mindarupa janten manusa.
Dina kahirupan rumahtangga syetan napel ka istri, ngaropea hatena
nepi ka si istri panasbaran, ngarenghik ka caroge hoyong itu hoyong ieu.
Pedah tatanggana mah sagala kabedag. Inyana henteu sadar tumarima kana
rejeki nu aya. Blus syetan asup kana hate carogena, ngagugu kahoyong
istri ngalangkungan jalan enteng, kapaksa korupsi, nipu , maling. Ku
pangrobeda syetan kana hate manusa , teu sakedik nu munjung ka gunung
muja ka sagara, bakat micinta harta banda , dugi ka rido ngical iman.
Atuh rejekina teh teuaya nu halal, malah teu subhat-subhat acan.
Akibat Panggoda Syetan
Gogoda syetan nu hasilna mucekil utamina dina urusan kadunyaan
(harta, tahta/pangkat/jabatan, wanita). Dugi ka wantun milampah
kamusrikan demi dunya, padahal musyrik teh dosa anu moal dihampura.
Jentre pisan dina Al Qur’an Allah SWT ngadawuh; Innallooha laa yaghfiru
ayyusyroka bihii wayaghfiri maaduuna dzaalika limayyasyaa.
Pihartoseunana : saestuna gusti Allah moal ngahampura kana dosana jalmi
nu musyrik, tapi Allah bakal ngahampura kana dosa-dosa salian ti
musyrik, kalayan sakersana.
Ieu hal sanes hartosna manusa teh teu kenging dudunya, teu kenging
beunghar, tapi usahana kedah ngalangkungan jalan nu dipiridho ku Allah
SWT. Pajabat nu nyepeng kakawasaan tur wantun “ngomersilkeun ”
jabatanana, hatena tos dikawasa ku syetan. Satemenna jalmi nu milampah
dosana teh sering bari tara neda dihapunten ka Allah , hartosna hatena
ngagebleg hideung, ahirna hatena teuas. Jalma nu teuas hatena teu kinten
dibenduan ku Alloh SWT. Margi jalmi nu teuas hate tara narima kana
nasehat, tara nampi panggeuing estu noyod sakarep isun. Pidawuh rosul
dina kitab Nasihul Ibadz; naha aranjeun hayang dituduhkeun ku kami
panyakit dina diri anjeun jeung piubareunana? Panyakit dina diri anjeun
teh dosa, piubareunana istigfar.
Kanggo jalmi nu nurut kana pangajak syetan hartosna jadi abdi syetan,
ibadah ka syetan, Gusti Allah bakal misahkeun maranehna ti jalma mu’min
ahli kahadean.
Pidawuh Alloh dina Al Qur’an (tingali serat Yasin ayat 59 dugi ka 65)
hartosna : ” Hey jalma-jalma nu tukang nyieun kajahatan di dunya, poe
ieu aranjeun kudu misah ti jalma-jalma mumin ahli kahadean. Apan kami
geus marentah ka araranjeun he Bani adam. Supaya aranjeun ulah nyembah
jeung ibadah ka syetan, ulah nurut ka syetan, sabab sabenerna syetan the
musuh aranjeun nu tetela. Saenya-enyana syetan geus nyasarkeun sabagian
gede ti aranjeun. Naha aranjeun henteu anggunakan akal ? Tah ieu
jahanam nu beheula ku kami diancamkeun kaaranjeun, mangka ayeuna sok
geura arasup kana jahanam. Sabab waktu di dunya aranjeun ingkar ti kami.
Dina poe iru kami nutup kana lisan-lisan maranehna,nyaeta jalma-jalma
kalafir nu milampah jahat. Sarta dina poe ieu suku jeung leungeun
maranehna ngaromong ka kami tur mere kasaksian tina nu dipilampah
maranehna di dunya.”
Ku kituna sateuacanna panangan/sampean urang laporan ka nu maha suci
ngeunaan lampah urang nu doraka, meungpeung aya keneh kasempetan,
meungpeung lawang tobat muka keneh, kedah ayeuna urang milampah kasaean
mungguh Allah. Allah ngadawuh (tingali serat Yasin ayat 55 dugi ka 58) :
” Saenya-enyana pangeusi sawarga dina poe eta maranehna estuning
senang-senang jeung bojo-bojona, di tempatkeun dina tempat nu pinuh ku
kani’matan, pinuh ku bungbuahan nu nari’mat. Ahli sawarga dina eta poe
ditedunan sakur kahayangna. Mangka Allah ngadawuh ka ahli sawarga :
SALAM.
Mangrupi kasaean, tumut kana sagala parentahNa, nyonto ka Rosul ku cara ngalaksanakeun sunah-sunahna.
Kacindekan
Taudz mangrupi kalimah paparin Allah SWT nu dijatenkeun benteng
jiwaraga manusa tina pangrobeda syetan. Supados henteu tigebrus kana
jungkrang kahinaan. Upami taudz tos ngalemah sumerep kana ati sanubari,
mangka kagumedean iblis nu dipatrikeun kana sagala parentah ti Allah SWT
ku cara nyepeng deleg kana papagon agama. Moal dugi ka kajantenan ayat
-ayat Al Qur’an dipilihan mung nu enteng sareng nguntungkeun dirina
wungkul. Estuning rido dirina hirup diatur ku Allah, teu ngabangkang
sapertos iblis nu takabur. Margi sadar kana pidawuh Rosul nu hartosna : ”
moal asup sawarga jalma nu dina hatena aya sakeprul rasa takabur,
atanapi (mung paripaos) sagede siki sasawi.***
dicatut ti salaka.net
No comments:
Post a Comment
Jangan Cuma Baca Komentar Dikit Juga Gak apa-apa...